Assalamualaikum wr.wb
Langkung tipayun,hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti anu Maha Suci,anu Maha Welas Asih heunteu aya pilih kasih kasugiri nu kumelip di iyeu bumi,anu parantos maparin rahmat sareng hidayahna kaurang sadayana. Ku rahmat sareng hidaya manten-Na urang sadaya tiasa kempel dina acara ieu.
Mktipikor.id || _ hilap,sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurken ka jungjunan urang sadaya,Nabi Muhamad SAW., ka kulawargina,ka sahabatna,katut ka urang sadaya salaku umatna,amin ya robal’alamin.
Bapak miwah ibu anu ku simkuring dipihormat.
Dina danget ieu simkuring bade ngadugikeun bintara ngeunaan micinta / ngamumule budaya sunda. Micinta / ngamumule budaya sunda nya eta kewajiban urang sadaya anu cicing di tataran jawa barat. Budaya urang teh saleresna seueur pisan,tikawitan bahasa,kaseniannana,kasusastraannana,kadaharannana,tingkah laku atanapi etika paripolahna.
Nu kahiji nyaeta bahasa sunda anu kedah di jaga kalestariannana sabab upami urang kedah ngamumule budaya sunda,kedah dikawitan tina bahasa, Upami urang henteu ngalestatikeun bahasa urang,budaya urang anu sanesna pasti moal kalestarikeun kaayaannana.
Anu saterasna nya eta kasenian sunda, Salerwsna dina widang kasenian sunda oge urang teh kalintang beungharna, diantarna, aya jaipongan,Angklung,Calung,Degung,Reog,Wayang Golek,Kuda Lumping,Pencak Silat,Bajidoran,Kacapai, Suling,Cianjuran,Ronggeng Gunung,jeng saterusna.
Malah ayan nu tos dipikawanoh ku dunya luar, nyaeta jaipongan sareng angklung, Tapi beuki dieu kaseunian kaseunian sunda beuki kaelehkeun ku kaseunian modern, anu pangaruh tina Globalisasi tea Tah,ieu janten emutan kanggo urang sadaya kanggo ngamumule kaseunian kaseunian urang anu jadi kabanggaan urang sateurasna.
Saterusna aya kasusastraan sunda, diantarana aya BabadCirebon,Suluk Wulung aya,Wawacan Angling Darma,Kitab Waruga Jagat,Cariosan Prabu siliwangi,Cariosan Ratu Galuh jeng saterusna. Sastra sunda nu teu hilap kedah di lestarimeun nyaeta Aksara Sunda. Aksara sunda ieu,urang keudah tiasa ngamumule,pikeun anak incu urang isukan masih keneh tiasa mikawanoh aksara sunda. Piraku ari urang sunda teu tiasa Aksara sunda sunda acan mah.
Anu salajengna eta Kadaharan asli urang sunda, aya Apeum,Awug,Comro,Dodol,Onde,Peuyeum,Ranginang,Surabi,Korojot jeng sate. Ari kadaharan urang sunda teu kudu dimumule,ulah neupi ka elehkeun ku kadaharan jaman kiwari anu loba pangaruh ti budaya barat.
Terakhir nyaeta tingkah laku/etika urang sunda anu kawentar ku someahna,sopan santun urang sunda ieu ulah nepi ka leungit, Ulah ngan bahasa wae basa su da tapi teu nempokeun tingkah laku urang sunda.
Supaya budaya urang tiasa dijaga kalestariannana,aya sababaraha tarekah pikeun ngamumule budaya sunda,nya eta.
Urang kudu bener bener mikanyaah jeng micinta budaya sunda.
Buktikeun yen budaya sunda moal eleh anjeuna ku budaya sejen.
Ngado’a ka Gusti Allah sangkan para nonoman sunda di paparin hidayah kanggo miara,ngamumule,tur ngajenan budayana.
Jadi intina urang kedah ngiring ngamumule kabudayaan urang, kabudayaan anu jadi kabeungharan urang ulah neupi kageugeus ku kabudayaan luar anu ngajadikeun urang poho kana kaayaan budaya sorangan.piraku ari urang deungeun mikaresep budaya urang, ari urang nu bogana teu mikaresep teu reueus ku budaya urang sorangan.upami sanes ku urang bade kusaha deui.
Kukituna simkuring bade umajak ka sadayana warga jawa barat hususna umumna urang sunda di mana bae ayana, Hayu urang micinta/ ngamumule budaya sunda,budaya urang sarwrea,mugi mugi kabudayaan urang tiasa kalestarikeun salamina.
Rupina sakitu anu kapihatur,mugia aya mangpaatna kanggo urang sadaya hapunteun bilih aya bahasa anu ku kirang mernah larapna,bilih aya nu teuraos kana manah.
** Meuli Arang Ka Kota Banjar
Heunteu poho meuli peda
Hayu Urang Sing Saladar
Ngamumule Budaya Sunda.
** Saninten Buah Saninteun
Dibantun Ka Parapatan
Hapunteun Abdi hapunteun
Bilih aya Kaleupatan.
Redaksi : Mktipikor.id
Admin : Redaksi mktipikor.id
Editor : H.Iwan Gunawan